Atur jumlah dan catatan
Stok Total: Sisa 9
Subtotal
Rp70.000
Majalah Sunda: Wanda Jurnalitistik Sunda... - Abdullah Mustappa
Rp70.000
- Kondisi: Baru
- Min. Pemesanan: 1 Buah
- Etalase: Sejarah
Salasahiji akibat negatif tina teknologi informasi anu geus sakieu majuna nyaeta mahabuna informasi bohong (hoaks) dina media sosial nepi ka urang sarerea bingung. Lamun urangna percaya kitu wae akibatna bisa nimbulkeun kasimpulan anu salah. Malah media tradisional oge, naha mdia citak, media elektronik atawa media online, dina nepikeun opini ka publik teh mindeng kurang merhatikeun kaedah jurnalisme anu pangdasarna lantaran leuwih mihak kana kapentingan pihakna sorangan.
Majalah Sunda, sanajan umurna teu lila ukur kurang ti tilu taun (1965-1967), tapi dina mangsa-mangsa kaayaan sosial pulitik keur meujeuhna pabeulit, geus nembongkeun kumaha pentingna idealisme dina nembrakkeun fakta anu akurat henteu katutumpangan ku kapentingan saharitaeun, nepi ka bisa dipake tuduh jalan ku anu maracana.
Ieu buku ditulis ku Abdullah Mustappa (wartawan senior, kolumnis, sastrawan) bari diloyogkeun kana kaayaan ka dieunakeun anu katimbang henteu saimbang dina ngungkab deui kajadian-kajadian anu lumangsung dina taun-taun 1960-an tea.
Citakan I, 2017; 14,5 x 21 cm.; 176 kaca

Ada masalah dengan produk ini?
ULASAN PEMBELI

Belum ada ulasan untuk produk ini
Beli produk ini dan jadilah yang pertama memberikan ulasan